Tumgik
derifirman · 3 months
Text
Kembang-kembang kamelang, lalaunan maluguran. Baganti jeung sirung-sirung harepan nu makalangan. Lantaran cimata teu kendat nyeboran, tangkal asih anu dipelak kiwari ngajadi pangrungrum kalbu.
1 note · View note
derifirman · 4 months
Text
Sagelas old-fashion henteu ngubaran, ukur jadi sulur keur kakangen nu teu ka ukur. Bourbonna ngalalakon, majar kuring anu umambon.
Bitter najan peuheur tapi jadi kakangen, dina ilat karasa ukur saulas henteu papanjangan.
Ngan mamanisna gula hanjakalna teu jadi ubar hanaang, kantenan kuring kapiuhan.
1 note · View note
derifirman · 6 months
Text
Lambaran asih ditulisan ku mangsi getih, kantenan tresna dipulasan ku cimata. Kagambar ukur rasa nalangsa dina saban kaca nu nembongkeun lara.
Horéng keretas nu dibukaan téh buku kapeurih, anu disampulan katugenah. Dina kaca munggaran dibuka ku panganteur, “ieu buku bacaan nu keur liwung.” Dibukaan, dititenan, diilo, henteu dibaca bedas. Sabab lamun bedas kantenan nu kakuping ukur jerit reujeung ceurik.
Dina lambar pamungkas, aya ungkara “kasedih moal pungkas, tapi bakal jadi kandaga. Di pabukon ati urang, hiji waktu bakal dibukaan deui minangka kenang-kenangan.”
0 notes
derifirman · 8 months
Text
Pungkas, pileuleuyan
Sanajan asih masih kénéh nganteng, duriat masih hayang manjang. Horéng teu sakabéh tresna kudu nyampak, aya hadéna nyamuni dina ati. Teu kudu nembrak-nembrak acan, sabab geuningan réa bangbaluh anu nyaliara mapaésan lampah urang. Ngan rék panceg ati kiwari mah. Parantos lami ngemu kapeurih, rupina sabar henteu lubar. Peun urang cekapkeun. Hapunten teu mungkas ku salam. Pileuleuyan, pileuleuyan.
3 notes · View notes
derifirman · 9 months
Text
Keur Agastya
Seug mah urang cekapkeun kasedih reujeung kanyeri. Najan leungeun teu pataréma tapi ati kapan ngait. Henteu bisa disingkahan gurat takdir ti Hyang Widi, ayeuna kudu papisah. Sok émut mangsa dikandung nyaah éstu tatamplokan, tresnasih tangtu dihatur sangkan gumelar sampulur. Nalika gubrag ka dunya Agastya jadi kakasih. Pangdunga sangkan wijaksana, hadé budi tur welas asih.
Horéng geuning ari takdir, teu sajalan jeung kahayang. Putra nu jadi kaasih, dipundut ku nu kagungan. Dipiwarang mulih deui, teu kungsi nepakeun darma ukur jadi pangbeberah ati. Mugi Sang Murbawisesa maparin jembar dina ati. Indung bapa teu kakantun seja diihlaskeun ati ngajajap tuang putra mulang jadi suci deui.
Najan dipapag ku citangis, disimbeuhan ku kasedih. Yap urang anteurkeun ka alam langgeng pinasti, sabab rék manggih waluya ngahiji deui jeung gusti anu sajati. Pileuleuyan anaking.
Bandung, wancina tumorèk 10 Agustus 2023.
Pikeun El jeung Zeta
1 note · View note
derifirman · 10 months
Text
25+5
Jangkep yuswa tilupuluh. Duapuluh lima punjul lima. Geus pirang-pirang ka sorang, peuheur paitna, amis, gurihna, bagja reujeung apesna, lalaunan narembongan jadi mamanis kahirupan. Lantaran kungsi kedal yén angka mah moal nambahan sanggeus nincak 25, nu nambahan mah punjulna hungkul anu ngurangan jatah hirup di dunya. Horéng kahirupan téh lolobana mah gogoda nu matak gogodeg. Paselang antara harepan jeung hariwang, pataréma antara kabagjaan jeung kasusah. Reumbeuy ngan hanjakal henteu bisa diguntingan. Taya harepan jeung kahayangan nu ngalangkangan. Ukur hiji paménta ka gusti ulah teuing panjang umur, sabab nandangan ieu bagja ngarah henteu surut. Peun ditamatkeun sabab kapeurih geus ngaluputan diri, kabungah anu nyiramanana muga ulah waka tuus sirna kabawa ku mangsa.
3 notes · View notes
derifirman · 1 year
Text
Sinom talirasa
Jauh teuing neang salira,
Mungguh nanjak mipir pasir,
Tapi kuring henteu wegah,
Bakal terus dipilari,
Kapan nu jadi margi,
Imut anjeun matak lanjung,
Sok sieun sasar lampah,
Salira henteu kasungsi,
Rek ditéang, keur nyirnakeun panasaran.
#
Pangna neangan salira,
Kuring percaya kana takdir,
Basa munggaran patepang,
Aya nu kebek na ati,
Mugi pakait asih,
Ka salira dinu jauh,
Tangtu bakal diteang,
Muga bisa tepung deui,
Najan anggang, hiji waktu bakal tepang.
#
Sanajan seueur pengkolan,
Teu matak rek runtik galih,
Tanjakan bakal disorang,
Komo deui Leuweung wingit,
Pamugi salira surti,
Nampi kuring anu liwung,
Lantaran ka salira,
Ieu ari enggeus pasti,
Kuring seja, masinikeun tali tresna.
Padalarang, 20 April 2023.
5 notes · View notes
derifirman · 1 year
Text
Langit Kamari
Alum langit kamari, nyaliarakeun katugenah sok sieun hujan datang. Hawana mungguh bayeungyang. Panon teu weléh neuteup langit bisina cihujan maseuhan, bisina citangis ragragan. Langit kamari, dipapaésan girimis leutik. Matak wegah leuleumpangan, nguyung pipikiran. Sabab di langit kamari aya méga mirupa diri salira.
3 notes · View notes
derifirman · 1 year
Text
Geus lawas teu dilongokan.
Kalah anteng neang saha, hanjakal henteu katimu-timu acan. Sedeng nu séjén mah ngalanglangan, ngadatangan, mikangen. Tapi henteu ngalongokan. Ukur majar, teu jadi-jadi acan.
1 note · View note
derifirman · 1 year
Text
2022 anu geus disorang.
Nuhun parantos mapaésan kahirupan dina mangsa anu sakitu pinuh ku jungkir balikna. Pujining gusti taun ieu mah meujeuh. Bagja meujeuh, sedih aya, keuheul jeung ambek tangtu marengan ngan utamana mah ayeuna berkah asa kebek. Bisa merenahkeun diri najan bimbang salawasna maturan. Muga taun nu bakal datang kuring leuwih sabar jeung ihlas dina nyorang lalampahan nu sigana masih kénéh bakal panjang.
0 notes
derifirman · 1 year
Text
Sacangkir negroni henteu matak lali kana diri. Boulevardier hamo ngalilieur, kalah kuring mingkin anteng. Sagelas wiski ngajadi saksi, kuring henteu kapiuhan najan kabingbangan ngalangkangan.
0 notes
derifirman · 1 year
Text
Jemplang lewang lagu urang
Meujeuhna peuting keur jempling, sada kacapi mangkat kana jejemplangan. Peuting nu haliwu ngadadak simpé baganti ku tingtrimna sora-sora kamelang nu bedah tina penembang. Narangtang jemplang minangka pamuka laju nété ka jemplang titi, unggah ka jemplang pangantén, teu kungsi lila naék kana jemplang cidadap. Reureuh heula ku panambih, kantenan nambih karingrang, sok sieun silung lebah jemplang pamirig lantaran ati geus teu bisa ngiringkeun deui pupundén ati. Moal rék ogoan ngan cimata teu baé balilihan. Rék nyegruk dina jemplang ceurik, pupuasan namplokeun kakangen, da kapanan jemplang serang mah puguh rumpakana seseblakan. Tapi puguh dina ngabandungan jejemplangan anu hamo kakantun nya éta batin urang nu ngalagu, ngahariring lagu ketir lantaran asih urang teu kungsi tepi kana madakeun kawatesan ku hahalang. Enya lagu urang téa, jemplang lewang. Lantaran tali asih kahalangan ku genyas nu katambias.
0 notes
derifirman · 1 year
Text
Anu mana, anu kuring.
Ngudag lalampahan, kalahka capé jeung nalangsa. Saléngkah lekasan horéng tacan hasilna. Kalah kuring ngalanglayung, teu beunang dibébénjokeun. Sedih, ngan piraku rék humarurung mah. Anu mana atuh nu rék diangkeuh téh anggur mabur tacan kapulung, murag marayak burakrakan. Boa itu anu kuring, nu keur muyung dipegat gandrung.
1 note · View note
derifirman · 2 years
Text
Aya lagu anu teu ngajadi, humarurung anu kapegung, lantaran rarasaan teu kedal, atawa ditutup lantip dina mamaras. Lebah masieup teu weléh ningnang, dina embat teu puguh tatapakan, petit bororaah katepi. Ukur silung lalaguan, jeung kacapi teu henteu nincak-nincak acan. Sabab implengan kumacacang, kahayang ringrang, harepan incah balilahan.
0 notes
derifirman · 2 years
Text
Ninggalkeun raga badag tangtu bakal jadi hal anu pangbeuratna pikeun jalma nu miasih urang, lantaran kanyaah tatamplokan ka diri anu ngajanggélék, haneutna rangkulan, deudeuhna cium anu ngagalémohan atawa waruga anu nyaksén sakumna rasa anu bedah ngagalura. Ngan dina nyawa anu lalaunan maluguran hayang teuing ihlas ngaleupaskeun perang campuh jeung sorangan, ngaleupaskeun padungdengan anu taya ahirna. Dina hiji waktu anu teuing iraha tina badan anu ukur sasampayan urang kapan bakal mulang jadi panineungan, jadi paanggeusan. Sabab kuring geus awor jeung salira, awor jeung gustina.
1 note · View note
derifirman · 2 years
Text
Lamun kamerdikaan ukur dipapaésan ku kariaan, rasana merdika ukur pupulasan. Sabab saéstuna merdika wates-wates kamelang sakuduna kudu sirna. Henteu wungkul datang, ngalangkangan tuluy ukur nyesakeun deui karingrang. Naha urang téh enggeus merdika? Atawa waktu masih nalikung urang?, kaayaan nyangcang?, rémpan ngarambatan, kasusah jeung luhlah masih datang? Nu kokoro dipopoho, nu jaya ukur diarah sarina. Sabab hakékatna tina perjoangan kamerdikaan mah kudu aya kurbanna utamana raga nu dicacagan atawa rasa nu tinggaleun lantaran taya nu nyait tina kabingbangan.
1 note · View note
derifirman · 2 years
Text
Bulan Bandung, bulan saha?
Anteng deudeuh neuteup Bandung, kabeneran bulan keur meujeuhna manceran. Sinarna ku éndah nyaangan nu kapoékan. Angin tiis lirih keukeuh maturan kuring sorangan neuteup maneuh kanu euweuh. Bulan caang nyaksian sakapeung kawas nu nyeukseukan. Majar kuring teu baé hanjat tina kateudayaan, tina kapeurih nu teu baé diubaran. Bulan caang henteu jadi pangbangbrang, kalah anteng nyeungseurikeun, ngéngéra majar caangna lain rék ngahaneutan tapi rék niiskeun sina tiiseun haté kuring nu majar moal unggah tina katunggaraan. Atuh ari bulan anu mangprung di Bandung téh anu saha? Sabab kuring mah kanu caang henteu ngaboga-boga.
1 note · View note